Kasenian ti Garut

tentang Garut ........
GARUT KOTA INTAN


Para pamaén angklung bihari di Garut
Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Salah sahiji kasenian anu has Garut téh Surak Ibra. Bet aneh ngaranna nya? Singhoréng, pangna dingaranan surak ibra téh da anu nyiptakeunnana Pa Ibra urang Kertajaya, Cibatu, Garut.

Saenyana mah cenah Surat Ibra téh gabungan antara seni badeng,ngadu lisung,jeung surak.Tapi lantaran seni badeng jeung ngadu lisung mah geus prah aya di mamana,nya surak na anu ku Pa Ibra dimekarkeun téh.Nepi ka ayeuna,surak Ibra téh geus nurun ka tilu generasi.Ti Pa Ibra nurun ka putrana nu jenengan pa Witarman. Ti Pa Watarman turun ka adina,Pa Entas.Nya dina jaman Pa Entas, Surak Ibra nu tadina ngan kasenian kampung jadi sohor ka mamana. Nu tadina ngan dipintonkeun boh di wewengkon Garut boh di wewengkon séjén
.Waditra anu dipaké dina Surak Ibra téh ngawengku dogdog opal, kendang dua, jeung tarompét. Lian ti éta., kudu disadiakeun susuguh nu kudu disiapkeun sapoé saméméh pagelaran. Dina susuguh téh kudu aya minyak seungit, menyan, rujak asem, dawegan, surutu jeung endog hayam. Waditra anu rék dipak, peutingna kudu dijampéan heula bareng jeung susuguh.

Naha bet kudu aya susuguh? Cenah éta téh keur Éyang. Teu anéh lamun dina Surak Ibra téh aya unsur-unsur magis. Da anu surakna téh sok nepi ka kasurupan. Mun dogdog geus ditabeuh, anu miluan kasenian surak Ibra téh cenah sok ngageter haténa, pikiranana kumalayang, nepi ka antukna "jadi" (kasurupan). Nu matak dina Surak Ibra mah merlukeun loba jelema keur ngajaga anu "jadi" téa. Da lamun teu dijagaan, anu "jadi" téh bisa-bisa ruksak awakna.

Ciri anu "jadi" téh di antarana panonna sok molotot jeung buringas, tanagana jadi bedas alah batan tanaga jelema. Salila can seubeuh mah tuluy baé kasurupan. Tah, lamun geus seubeuh, anu nyurup ka nu "jadi" téh sok ménta barang nu aya dina susuguh. Sanggeus dibéré, kakara nu kasurupan téh sadar deui.
Nu miluan Surak Ibra teh umumna mah aya sababaraha kelompok, kumaha lobana anu kasurupan. Anu ngajaga téh,  Lian ti ngajaga nu kasurupan, tuluy susurakan bari hoyah-hoyahan.

Lais téh kasenian anu mintonkeun kamonésan. Ari kamonésanana deukeut-deukeut kana akrobat. Dina prungna pagelaran lais, dipasang dua tihang gombong anu jangkungna kira-kira 13 méter sarta tungtung-tungtungna dipentang ku tambang atawa tali. Ari anggang tihangna kira-kira genep méteran. Tah anu lais téh sok ngayakeun akrobat dina éta tambang, bari jeung teu sieuneun tijuralit atawa ragrag. Siga jalma anu keur meuntas catang baé.

Mimitina anu lais téh nérékél kana Congo gombong, tuluy anjeucleu dina tambang. Sabada muka baju, tuluy muka payung bari dipuir-puir. Ka dituna mah rupa-rupa atraksi dipintonkeun. Upamana jujuralitan, sila tutug, napak ku suku sabeulah, atawa nangkarak bengkang , luhureun tambang. Puguh baé pi keun anu kakara nempo mah matak gegebegan. Teu kitu kumaha da atraksina sakitu pikapaureunana., Apan tambangna gésakitu jangkungna.

Biasana lais téh dipungkas ku atraksi anu leuwih pikapaureun nu lalajo. Nyaéta atrakasi turun tina tambang. Tapi turunna téh lain turun biasa ku cara nyorosodkeun manéh dina gombong, ieu mah ku cara ngajuralitkeun manéh ti luhur tambang, nutug, sarta clé napak deui dina taneuh. Ceuk sakaol, pangna bisa kitu téh cenah nu lais mah boga jampé monyet.

Salila nu lais némbongkeun atraksi dina luhureun tambang, dipirig ku tatabeuhan penca atawa réog. Nayagana hempak di handapeun tihang gombong téa. Malah kaayeunakeun mah, méméh nu lais mintonkeun kamonésanana, sok dipiheulaan ku ibing penca atawa bodor réog. Ti dinya kakara nu lais nérékél kana gombong.
Kasenian lais téh asalna ti Sukawening, Garut. Sabada dipikawanoh ku masarakat, éta kasenian sok diondang keur hiburan. Upamana dina hajatan nyunatan atawa kawinan. Malah antukna mah lais téh henteu ngan kakoncara di Garut wungkul, tapi nyebar ka wewengkon-wewengkon séjénna. Di wewengkon pasisian kalér mah disebutna téh odong-odong, anu sok dibarengkeun jeung kasenian sisingaan. Bédana dina odong-odong mah nu lais téh sok mamawa gantar awi saleunjeur keur ngimbangan awak sangkan anjeg dina tambang. Ké, naha enya nu lais boga élmu monyét?

Badéng téh kasenian buhun anu ayeuna masih aya di Garut. Éta kasenian téh lahirna teu bisa dipisahkeun tina usaha para ulama enggoning nyebarkeun Islam, hususna di wewengkon Garut.

Kasenian Badéng  téh bibit buitna mah ti Désa Sanding, Malang-bong, Garut. Ujaring carita, éta kasenian téh mimiti diréka taun 1800-an ku Arfaén Nursaén, tokoh agama di Sanding. Badéng téh ngagabungkeun seni solawatan jeung tatabeuhan. Apan tujuan diciptakeunana ogé keur nyebarkeun ajaran Islam téa.

Ari tatabeuhanana tina awi, teu béda ti angklung. Éta tatabeuhan téh nimbulkeun sora anu ngalagena tur matak genah didéngékeunana. Ku cara kitu, solawatan téh jadi leuwih nyerep kana haté jeung dipikaresep ku masarakat.

Awalna kasenian badéng téh ngan nyebar di lingkungan satri. Tapi lila-lila mah dipikaresep ogé ku masarakat séjénna. Nya ti harita, seni Badéng mineng midang di lingkungan masarakat anu leuwih lega.

Kadieunakeun seni badéng téh henteu ngan ukur ngagunakeun angklung, tapi ogé dipasieup ku tatabeuhan (waditra) séjén. Di antara waditrana nyaéta: angklung leutik dua, dogdog lojor lima, jeung angklung gedé tujuh (ngawengku angklung indung, angklung kenclung, jeung angklung kécér).



Bangklung  téh seni tradisi ti Garut anu ngahijikeun seni terebang  jeung seni angklung. Kapan istilah Bangklung ogé saenyana mah wancahan tina terebang jeung angklung. Ieu kasenian téh asalna ti wewengkon Ciséro, Cisurupan.

Kasenian Bangklung téh gelarna can pati lila. Ceuk katerangan masarakat Ciséro, Bangklung gelar kira-kira dina taun l968-an, ku alpukahna Bapa Ajuk jeung Iri Asari sarta dirojong ku Bapa Rukasah.

Seni bangklung diciptakeun lain baé  keur hiburan, tapi boga palasipah pikeun dijadikeun eunteung keur kahirupan manusa. Ku sabab éta, dina lalaguan jeung wirahma tatabeuhanana, seni Bangklung téh ngadumaniskeun unsur jiwa jeung raga, ngarah kaudag kasa¬imbangan, harmonisasi, tur nuyun manusa kana jalan anu leuwih hadé.

Ari waditra anu dipaké dina seni Bangklung nyaéta terebang lima siki (ngawengku terebang anak, terebang kempring, terebang bangsing, terebang témpas, jeung terebang indung), sarta angklung salapan siki (ngawengku dua angklung nambruk, dua angklung témpas/pancer, opal angklung réal, jeung hiji angklung éngklék).

Ari lalaguan nu sok dikawihkeun dina seni Bangklung di antarana lagu Anjrog, Maula, Marhaban, Soléang, jeung Kacang Buncis. Biasana seni Bangklung téh dipagelarkeun dina acara-acara hiburan samodél pésta atawa hajat panén, nyunatan, jeung raraméan lianna.


jeng sajabana...



Ditulis Oleh : Ai Roudotul // 7:31 pm
Kategori:

0 Komentar Menarik:

Post a Comment

 

Follow dan Join yu .. :D

Aii Roudotul. Powered by Blogger.